Wednesday, April 27, 2011

Bubuhing Bulan keur Purnama

Jam 23.01, kakara asup deui ka imah, tas mulan di hareup. Cahya bulan sumirat, lir emas ngagurilap dina beungeut cai, emas enyay-enyayan dina jariji jukut cai, emas ngagaleng dina hateup imah. Angin, anu rintih, anu halon, mawa sada hatong kapal ti kajauhan. Ieu teh Banda Aceh...Banda Aceh anu baheula paeh tea, anu keuna ku rajapatina "gelumbang rayeuk" tepi ka ratana jeung bumi....Banda Aceh tea, nu kungsi jadi tempat pagaliwotana manusa ti suklakna ti siklukna, nu rek nulungan, nu rek neangan pangalaman, nu rek ngadon ngeruk harta. Banda Aceh, dina pependena bulan caang lima welas, warna-warnina kekembangan nu nyampak di unggal imah jadi ciciren, yen kota ieu teh, baheula, enya baheula, kungsi tumpur, paeh...leungit, meh leungit tina peta.

Tapi manehna ngalawan. Kota ieu ngalawan, ngalawan maut. Lir Sawitri nu nuturkeun Batara Yama, rek menta deui arwah salakina, Satyawan, Banda Aceh nuturkeun cahya bulan...nuturkeun kekembangan nu dipiara dipiasih ku unggal ibu rumah tangga di ieu kota, nuturkeun ranguna seuri barudak lembut anu paboro-boro ulin ayunan, porosotan, jambo, momobilan di Tamansari...Banda Aceh hirup deui. Lain, lain jurigna. Tapi hirup nu hurip. Hirup, ... duka tepi ka iraha.







9 februari 2009

1 comment:

  1. Yuk Merapat Best Betting Online Hanya Di AREATOTO
    Dalam 1 Userid Dapat Bermain Semua Permainan
    Yang Ada :
    TARUHAN BOLA - LIVE CASINO - SABUNG AYAM - TOGEL ONLINE ( Tanpa Batas Invest )
    Sekedar Nonton Bola ,
    Jika Tidak Pasang Taruhan , Mana Seru , Pasangkan Taruhan Anda Di areatoto
    Minimal Deposit Rp 20.000 Dan Withdraw Rp.50.000
    Proses Deposit Dan Withdraw ( EXPRES ) Super Cepat
    Anda Akan Di Layani Dengan Customer Service Yang Ramah
    Website Online 24Jam/Setiap Hariny

    ReplyDelete